Kahatur Bapa di sawarga Pa, kumaha kabarna didinya?
pa, yeu anaking teh tos laki rabi .Alhamdulillah bingah pa.Yeu mantu bapa teh nu sok ka rorompok
Tos teu asing tos teu aneh kanggo bapa mah .
geuning kie laki rabi teh pa, seer cocobi, seer tanjakan .Tapi abi sok inget pesen pesen bapa, kudu qonaah, sabar, masalah leutik di leungitkeun masalah gede dileutikkeun.
Aya bewara nu matak bingah pa, incu bapa insyaalloh bakal nambah jadi 2,bapak ulah hariwang . Insyaalloh abi bisa pa,! bapa didinya sing tenang . rehna dina waktosna abi bakal patepang jeung bapa . tinggal nungguan waktu.
pami ke tos patepang seer pisan picaritaeun pa.
salam sono,
Anaking

0 komentar:
Posting Komentar